Clock Magic Wand Quran Compass Menu
Image Asep Saeful Azhar

Hari Senin

Agama | Tuesday, 25 Jul 2023, 02:02 WIB

Poéan Sénén

Vinyet sumber: liputan6.com

Patanda poé jeung silih gantina waktu téh nandakeun alam pikir nafsi-nafsi jalma, aya nu hariwang kasimbut kamelang, aya nu biasa-biasa baé, oge aya nu nyorang nungguan ku harepan suka citana, atawa rarasaan nu pacampur-baurna.

Mun dititénan dina rubahna waktu sok karasa asa cik kénéh atanapi mangsa nu kaliwat téh kacida sakocéakna. Peun, eta nu disebut hakékat waktu. Éces pisan mun dumasar kana spirit surat Al-Ashr ayat ka-1 tug dugi ka- 3 dina tarjamah basa Sundana: "Perhatikeun waktu! Saéstuna manusa téh enya-enya aya dina karugian. Kajaba jalma-jalma anu ariman jeung ngalampahkeun amal soléh jeung anu silih wasiatan kana haq jeung anu silih wasiatan kana kasabaran."

Nu jadi pertanyaan, naha aya jalma nu hayang rugi? Mun dijawab ceuk nalar umum mah euweuh! Sakabéh jalma pasti hayang untung dina tiap-tiap rupa kasab kahirupanana.

Aya anu unik tapi jentre kaharti dina ieu surat Al-Ashr téh nu munculkeun term: Waktu, rugi, jeung pangacualianana. Kahiji, kasebut waktu téh sabab Alloh salaku Robb geus susumpah ku ngaranna waktu nu diciptakeunana oge nu mibogana sarta nuduhkeun kamulyaan waktu.

Kadua, rugi atanapi khusr téh nyaéta nu miboga harti nu negatif dina ragam rupana pikeun manusa boh bab morilna atanapi materilna.

Ketilu, pengecualianana teh pikeun nu untung mah kategorina teh jalma-jalma nu ariman jeung nu ngamalkeun amal soleh sarta silih naséhatan dina bebeneran jeung kasabaran.

Sakilas dibaca kaharti naon maksudna Iman jeung amal teh. Moal aya karugian pikeun jalma dina kaayaan iman jeung ngamalkeunana. Mun seug aya rumasa rugi dina kaayaan iman jeung ngamalkeunana, berarti rasana teh geus kaasupan Khusr tadi téa; teu nincak teu napak.

Waktu téh miboga energi jeung tapak lacak pikeun keur nu ngeusina, jodona téh ruang. Kukituna aya istilah ruang jeung waktu. Ari ruang mah dimensi spasial; nyaeta nu nuduhkeun patempatan jeung prosés alur waktu, sadengkeun waktu mah asup kana dimensi temporal; bihari, kiwari, jeung baringsukpagi ceuk dina basa Sundana mah.

Waktu teh ngikeut kana kapastian kajadianana, sabab nu geus kaliwat, keur dilakonan jeung nu rék disorang téh geus kaimpleng dina alam pikir; ruang jeung waktuna.

Balik deui kana poéan Sénén kamari jeung kiwari Salasa ayeuna. Naha karasana dina diri masing-masing masih kénéh aya kaduhung atanapi reueus bagja bahagia? Cag!

Dicutat di Pustaka ASA Rancaekek, 25 Juli 2023

Disclaimer

Retizen adalah Blog Republika Netizen untuk menyampaikan gagasan, informasi, dan pemikiran terkait berbagai hal. Semua pengisi Blog Retizen atau Retizener bertanggung jawab penuh atas isi, foto, gambar, video, dan grafik yang dibuat dan dipublished di Blog Retizen. Retizener dalam menulis konten harus memenuhi kaidah dan hukum yang berlaku (UU Pers, UU ITE, dan KUHP). Konten yang ditulis juga harus memenuhi prinsip Jurnalistik meliputi faktual, valid, verifikasi, cek dan ricek serta kredibel.

Berita Terkait

 

Tulisan Terpilih


Copyright © 2022 Retizen.id All Right Reserved

× Image